Ngalelempeng Salah Kaprah Ekowisata Oleh Dr.Ir. Budi Brahmantyo, M.Sc.

RAMÉNA sual Gunung Tangkubanparahu nu rék dilengkepan ku résort, réstoran, kolam renang, tempat out bond némbongkeun di urang salila ieu salah dina ngahartikeun ékowisata. Ékowisata dianggap teu béda jeung jenis wisata séjénna nu deukeut kana hura-hura, senang-senang, atraksi, macangkrama jeung sabangsana.

Taun 2002, di Quebec, Kanada, lumangsung gempungan nu nyawalakeun naon saenyana ékowisata. Aya tilu hal nu kudu diperhatikeun; Ajén lingkungan, wisatawan meunang pangaweruh soal lingkungan, jeung masarakat sabudeureunana bisa ngarasakeun mangpaatna boh dina lebah kanyahona boh dina lebah ékonomi.

Anu dimaksud ajén lingkungan taya lian ti sangkan alam tetep kapiara, karumat, kajaga, henteu tepi ka ruksak (konsérvasi). Tatangkalana taya nu nuaran, sasatoanana sina hirup baranahan. Kitu deui taneuh, batu jeung sakur nu aya di tempat wisata alam henteu diganggu. Bangunan permanén teu meunang diadegkeun.

Sangkan wisatawan meunang pangaweruh ngeunaan lingkungan jeung sarugemaeun, kudu disadiakeun interpréter, guide atawa pamandu wisata nu ahli dina widang pangaweruhna. Mun tempat wisata alam (TWA)-na leubeut ku informasi kajadian géologi, kawas Tangkubanparahu, interpréter téh ogé ahli dina élmu bumi.

Wisatawan diajak jalan-jalan, diajak hiking, mapay jalan nu nanjak mudun nu kénca katuhuna rembet ku kakayon. Anu ngokolakeun TWA perlu nyadiakeun tanaga médis bisi wisatawan aya nu gering ngadadak atawa labuh. Malah méméh miang, wisatawan perlu dibéjaan kaayaan lokasi atawa médan nu bakal dijugjug.

Ku kituna, ékowisata mah bisa disebutkeun wisata husus sabab nu diwanohkeunana lain ngan ukur pamandangan alam, ogé carita anu aya di balik pamandangan alam. Boh kumaha kajadian gunungna, batuna, susukanana, atawa tutuwuhanana. Kitu deui carita sakakala masarakatna nu pakait jeung alam bisa jadi bahan obrolkeuneun dina ékowisata, siga leketna sakakala Sangkuriang jeung kajadian géologi Gunung Tangkubanparahu.

Wisatawan diatur sarombongan-sarombongan, saurang interpréter nganteur 20 urang wisatawan. Jadi, sifatna henteu masal, henteu kawas nu datang ka Pangandaran, Ancol, jeung sajabana.

Dina ngokolakeun TWA masarakat sabudeureunana kudu dilibetkeun, ti mimiti ngarencanakeun tepi ka ngalaksanakeunana. Lain ngan saukur jadi pagawé, komo deui siga ayeuna ngan saukur jadi panongton, tapi milu ilibiung tepi ka boga tanggung jawab. Pangaweruhna soal lingkungan jelas bakal nambahan. Dina ékonomi, masarakat, bisa ngajualan barang suvenir (oléh-oléh) jeung kadaharan has daérahna, ngusahakeun imahna jadi homestay tempat nginep para wisatawan, atawa jadi pamandu wisata gaganti interpréter. Kahareupna boa masarakat justru nu jadi ménéjer usaha pariwisatana.

Babakuna wisatawan mancanagara datang ka nagara urang téh hayang nempo jeung ngarasakeun naon-naon anu teu kapanggih di nagarana sorangan. Kaasup dina lebah dahareun jeung keur oléh-oléh. Tempat reureuh cukup ku saung nu basajan. Réstoran, hotél, kolam renang, malah matak jadi ngurangan minat turis mancanagara.

Di urang TWA nu geus ngéstokeun patokan ti Quebec, Kanada, téh upamana Taman Nasional Gunung Halimun-Salak (Sukabumi-Bogor), Taman Nasional Gunung Gedé-Pangrango (Kabupatén Bogor-Cianjur) jeung Taman Nasional Gunung Rinjani (Lombok, NTB). Anu dikokolakeun ku Badan Konsérvasi Sumber Daya Alam (BKSDA).

Ékowisata teu perlu modal badag, teu perlu ngadegkeun bangunan méwah keur pasilitas pariwisata. Modal jeung pasilitas mah geus disadiakeun ku alam, geus nyampak, teu kudu diropéa deui. Urang mah, tinggal ngamangpaatkeunana, tinggal ngokolakeunana kalayan bener nu henteu matak ngaruksak alam. ***

Dr. Ir. Budi Brahmantyo, M.Sc
Kepala Pusat Perencanaan dan Pengembangan Kepariwisataan (P2Par),
Institut Téknologi Bandung (ITB)

Sumber :// GALURA, 19 – 24 Oktober 2009

Berita Terkait

IndonesiaEnglish